Resep ngangon meri jaman baheula mah. lulumpatan gudag ngudag meri di tengah tengah kotakan sawah ,sawah anu geus di panen hartina sawah anu geus di ala parena .nya ku tukang tukang meuri sok di pake ngangon meri.ari keur musim panen kadang kadang hunyur atawa sawah anu garing sok di pake kandang meuri nu bogana marondok di kandang meuri da ceunah sieun aya nu maling .gkgkgkgkgk kadang kadang saurang na nu boga meri teh nepikeun ka 1000 siki bayangkeun lamun 50 urang nu boga pek ahh aritung ckckck
Anu paranen atawa anu ngala pare di sawah, sok resep jaman keur budak mah nyieunan kaulinan. nya conto na mah totorompetan ku jarami atawa kolecer tina jarami jeung daun barangbang. angin anu ngageulebug barudak nu lulumpatan di kotakan kotakan sawah nu ngangon meri riam manuk nya sumawona namahan ka bungah jeung namahan kaendah lamun di inget inget hehe..biasana lamun nu ngarit jarami mimiti prakna di gawe ngarit ngala pare sok rebun rebun keneh antara jam 07 nepi ka beresna kadang kadang sok dua poe lamun sawahna lega saperti nu aki simkuring qiqiiq
Tah ieu carana ngala pare atawa panen
1. ngarit, ngarit biasana make arit atawa etem .
2.nga gebug, biasana sok make batu atawa salome ceuk bahasa urang na mah. batang pare nu aya parean di gebugkeun kana batu atawa salome meh murag parena maksudna mah.
3.meresihan pare biasana sok di tapi make nyiru atawa lamun angin badag sok di awurkeun meh misah pare jeung runtah .
4.ngarungan harti na ngawadahan pare
Lamun geus waktu na dalahar sok ngariung bareng dalahar antara majikan jeung pagawe di saung nu ngahaja di jieun. saperti biasa samemeh dahar teh majikan sok mimpin ngadua heula hadiah ceunah atawa sukuran ceunah kana nikmat nu tos di pasihan ku mantena.biasana sok poyo pisan lamun dahar di saung atawa bareng mah. asa kabitaaaaaaaaa..
Asa wararaasa lamun urang inget kana jaman nu katukang tukang. gunung nu hejo tatangkalan nu subur manuk di sarada nyakitu deui binatang binatang nu sejen na raeng di sarada sabangsaning tongeret ,bangkong ,bancet,gaang ,beunceuh jeung sajabana. sok wararaas komo lamun inget kana kaulinan jaman baheula sabangsaning pecle,galah,baren,ngadu kaleci,susumputan jeung sajabana .beda jeung jaman ayeuna kaulinan na teh dina cmptr atawa internet nu bisa muka parno parno wkwkwkwk .eh kamana urang teh nulis teh bae ah da asal ieuh tama kesel hehehe...
The best real money casino for beginners | DRMCD
BalasHapusBest real money 제주 출장샵 casino for beginners · Biggest Jackpot 화성 출장마사지 Wins for the last 창원 출장샵 6 years · Best Casino Overall · Best Overall Experience 충주 출장마사지 · More Info. 부산광역 출장마사지